Kambing Berbulu Serigala (Kudu Dibaca)

Carpon nu dijadikeun tugas akhir semester ku sim kuring, tujuana ngepost-keun ieu carita nya eta padu jeung ibur~ upami aya carita dina kahirupan pembaca nu sami, mugi dihamputen, da taya maksud ti sim kuring mah, salam super....Rangga Syaelendra \m/


Sakilas tentang tokoh Utama:
1.     Abay: karakterna teh gampang kapengaruh, pinter, setia kawan, tur hade budi. Si Abay teh murid pindahan ti luar kota nu pindah lantaran bapana dipindah tugaskeun, parawakan si abay teh Jangkung, bodas, rada cekingan saeutik, tapi jejeg awakna, buuk na rancung, kasep, terus si abay teh alo na si array, sapantaran.

2.     Vira: Si Vira teh budakna tabah, pengertian, bageur, taat kanu agama, penyayang, terus setia kawan, jeung pinter ngamnusik. Si Vira jadi awewe nu dibogohan ku si Abay, terus parawakan si Vira teh Jangkung, bodas, dikudung, teu gendut teu ceking, potongan model lah, terus geulisna kacida pisan.

3.     Array: Arrray, budak ieu lumayan kasohor di sakola na, kasohor ku lantaran sifatna nu asik, humoris, bageur, setia kawan, pinter ngamusik jeung mun aya baturana nu ganggu sok langsung ditulungan, tapi si array ge boga sifat goreng, nyaeta rada males jeung sok makarep maneh, terus hiji deui, si array teh beuki pisan dahar. Parawakana rada pendek, kulitna coklat, buukna rada rada panjang, tapi dibelah pinggirkeun, jeung awakna teh tipikal atler, masing tara olahraga ge.

4.     Anton: Budak nu kasohor pedah ka bangorana, nya si ipang tea, taya minggu tanpa di geroan ka kantor ku Pa Dono, tipikal budak nu pinter tapi belaguna kacida, hobina teh gelut, jeng ngabuktikeun saha nu jadi jegeur di sakola ieu, terus sifatna nu hiji deui teh sok hayang kumaha urang sagalana, parawakana si ipang teh, jangkung, terus kulitna hideung, pinuh kurut luka di leungeuna, beungeutna mah rada kasep, terus buukna dicepak tentara.

5.     Jimbrot: Budak nu dikenal jadi tangan kananna si Anton, pagaweana teh ngan ukur ngaganggu budak wae, ngan sayang si jimbrot teh rada bodo, jadi gampang we dititah titah ku si Anton teh, padahal mah tinu soal fisik, si jimbrot teh jauh ti si Anton, jangkung badag, hideng, asa jiga tukang jagal parawakana mah, terus buukna teh rada ikal.

12 Juli 1999, Senen kadua di bulan juli, isuk nu cerah nu bisa jadi awal poe nu pikaresepeun, tapi beda jeung abay, ieu budak beubeungeutana rada tegang kitu, jiga jama nu keur tajam teh, soalna ieu teh poe mimiti abay di sakolaan anyarna, ti sabarak pindah ti luar kota, abay teh hampir teu kenal ka sasaha nu saumuran, paling ge si array alona, nu masing karek panggih pas awal libur kenaekan ge, geus bisa disebut akrab.
Hayangna mah si abay teh dianteur kakelas anyarna ku guru boh ku saha, tapi kolotna si abay teh malah nitah si abay titah sorangan we kakelas anyarna, kolotna padu mikeun salembar kertas jeung engke diberekeun ka guru nu keur ngajar.
“Punten, Assalamualaikum...” keketok kanu panto kelas nu tulisana teh “Kelas XI IPS 4”
“Waalaikumsallam, bade kasaha cep?” tembal guru nu keur ngajar dihareup kelas teh.
Si Abay teh teu langsung ngajawab, tapi malah neuleu ka bor, guru ieu teh jigana keur ngajarkeun peajaran matematika, soalna eta bor pinuh ku tulisan samacem “f(x)=3x-12x+9”
“Cep bade aya naon?” si bapa guru teh ngulang pertanyaana, ayeuna mah si abay teh ngajawab, bari tereleng asup ka eta kelas.
“kieu pa, abdi teh murid pindahan, teras dipiwarang masihkeun ieu ka bapa” si abay merekeun kertas nu tadi di bere ku kolotna.
“ohhh cep abay....” bari nilep eta kertas terus diasupkeun ka kantongna, si bapa nu dina name tagna ngarana pa Imron.
“Punten perhatiana, bapa bade ngenalkeun cep abay, cep abay teh murid pindahan ti luar kota, cep abay teh...” bari nyarios tarik teh si pa imron ningali ka si abay terus ngomong ka si abay titha merkenalkeun wae nyalira.
“Assalamualaikum, abdi abay murid pindahan, perkenalkeun” bari era era
“tos deuh teu kudu kenalan deui, tos kenal da abdi mah hahaha” ceuk suara nu dikenal pisan ku si abay, pas geus neanga eta suarea saha, eh si abay teh korejat we kaget, neuleu si array, alona teh diuk sorangan di jajaran ka dua baris ka hiji, nu pang deukeutna ti panto.
Atuh langsung bae si abay teh seuri bari ngomong “ehh array. Ari maneh geuning didieu, teu nyangka urang hahaha” bari gagaro hulu, padahal mah teu gate ieu.
“nahhh jigana maneh geus kenal jeung si array, jug kaditu diuk jeung si array, kabetulan korsi gigireun manehna teh kosong” ceuk pa imron bari nunjuk ka tempat nu kosong eta.

Sapoe eta si array beakeun jeung kenalan ka kabeh budak kelas, jeung si array pasti, teu heran pas balik teh si array geus hampir kenal k kabeh murid di kelas eta.
          Kaisukana, pas poe salasa, si abay jeung si array teh mangkat ka sakola bareng, bari ngagoes sapeda federal di pangmeulikeun ku bapana si abay, pas geus di parkiran teh si array ngomong ek tiheula, soalna si array teh ek ka kelas IPA, ek ka kabogohna ceunah mah, nyaengges si abay teh leumpang sorangan, eh pas ngaliwat ka lapangan.
Aya sakitar duapuluh budak nu keur nynyi gugur bunga, campur, lalaki jeung awewe, jigana mah paduan suara, soalna aya dirijen na, si abay teh kalah cicing we ngadengekeun lagu eta teh, teuing pedah naha, resep da teuu ka lagu ieu teh.
Pas laguna anggeus, si awewe nu nangtung dihareupeun teh turun ti mimbar, terus malik, nah pas malik teh si abay ngarasa langsung bareku awakna, naha? Soalna si dirijen eta teh mani geulis, meureun awewe pang geulisna nu pernah di panggihan ku si abay, pandangan mata si abay terus bae merhatikeun eta awewe, nyampe teu nyadar yen si array teh keur aya ditukangeuna bari nyekel sorabi jeung gorengan nu di tangkupkeun di leungeuna, terus di leungeun hijina nyekel botol saricup.
Si array teh nu tadina ek langsung ngageroan si abay ge kalah teujadi, malahan si array teh ngilu merhatikeun si awewe eta, terus balik deui ka si abay, terus balik deui ka awewe eta, sampe akhirna na beungeut si array muncul senyum, senyum pinuh arti.
“Hayooo maneh, keur neuleukeun saha abay hahaha?” bari ngababuk si abay ku botol sari cup.
“Teu ah urang padu resep we kalaguna, geus padu eta” si abay ngajawab bari gagap, terus nyoba ngajak si array ka kelas, maksudna mah sieun kanyahoan keur neuleukan si dirijen eta.
“ahhhh maneh, tiiraha aya budak nu bener bener resep ka lagu gugur bunga, kalahka kituna neuleukeuna, geus jujur wae ka urang mah, saha nyaho bisa ku urang bantuan” bari nangkelkeun lengeuna ka punduk si abay, terus ngajak ka kelas bari neruskeun ngobrol keun eta.
 “teu array, urang seriusan, urang padu resep wae kanu lagu tadi, asa aralus nyanyi na teh” bari ngeles ti leungeun si array terus leumpang kakelasna, si array ti tukang nuturkeun si abay ka kelas, bari sibuk niupan sorabi jeung gorengan nu tadi di beuli ti kanti.
Teu karasa si abay teh geus saminggu pindah sakola, tapi ti sabarak panggih eta dirijen, pikiran si abay jadi teu tenang, unggal si abay ngalamun pasti nu kabayang teh beubeungeutan si dirijen eta, jadi we ayeuna sok sura seuri sorangan. Kebetulan basa eta teh si abay diajakan CFD-an ku si array, tadina mah embung si abay teh, tapi nya pedah we eweuh deui pagawean di imahna, jeung sakalian hayang oahraga, akhirna si abay ngaheehkeun ajakan si array.
Abay jeung array ngarencanakeun ek mangkat jam limaan, soalna jarak ti imah ka tengah kota teh rada jauh, jabaning maraneh duaan teu naraek angkot, tapi ek ngagaroes sapeda, itung itung olahraga ceunah.
Si abay jeung si array teh nyampe ka kota sakitar jam genepan, soalna ngagoesna ge nyantai bari sisiwo, pas nyampe di kota, si abay jeung si array ngerenan na warung bubur “Mang Gozalee”. Di warung eta si array jeung si abay ngaruyup teh haneut jeung bari ngadalahar gorengan haneut sambari sarila. Teu lila, si array ngajak ngagoes deui, ka beneran panon poe isuk geus muncul ayeuna mah, si array jeung abay ngagoes ngurilingan taman kota sababaraha kali, nah pas sakitar jam dalapanan, si array ujug ujug eureun, terus nyekelan beuteung “aduuuh bay, beuteung urang mules pisan euy”.
“wallah maneh mah kumaha si, tadi pan geus ku urang bejaan tong ngayah teuing dahar cengekna, pan ayeuna riweuh ari kieu” bari culak cileu neangan plang wc umum, “jabaning urang can nyaho deui elah elohna daerah ieu”, bari nangtung si array ngajawab “geus maneh tenang wae, cicing heula didieu, urang ek neangan wc umu atawa mushola, tungguan” saenggeus ngomong kitu, si array langsung ngagoes sapedana.
Abay padu molongo bae neleu alona mangkat neangan kamer mandi jeung ngising, na pikirana si abay, si array waras deui moal nya, tadi na warung bubur jiga nu kasurupan buta ngadahar gorengan jeung cengek, ari ayeuna riweuh sorangan neangan kamer mandi. si abay padu bisa gogodeg bae.
Geus kira kira lima menit teu balik, si abay ngarasa bosen, nya engges, akhirna abay mutuskeun ek gogoesan heula sababaeaha kuriling, boa bae pas balik deui si array geus angges miceuna.
Teu lila, saengges beak dua puteran, si abay ujug ujug kaingetan si dirijen eta, jadi we ujug ujug ngalamun si abay teh, nah pas keur ngalamun sambari ngagoes sapeda teh, si abay teu sadar di hareup teh aya pengkolan, jedur bae si abay teh nabrak, suku jeung sikutna teh getihan pedah ngagores kanu aspal, matana mani geus cirembayan nahan kanyeri, soalna suku na ge tipalitek.
“teu nanaon?” ceuk suara nu mani merdu di dangu ku si abay, eh pas ngalieuk, nu nanya teh apakna si dirijen eta, nu ti tatadi keur di lamunan keun ku si abay, nya der bae nu tadina ngarasa nyeri sa awak awak, jadi teu karasa, nu aya malahan perasaan dagdigdug gara gara neuleu eta pujaan hati nu keur dilamun keunn teh ujug ujug nonghol, singkat kata si abay teh ditulungan ku si dirijen eta, diobatan luka lukana, nah gara gara kajadian eta teh, si abay jadi bisa kenalan ka dirijen eta, ngarana teh vira,  salain ngadirijenan pduan suara disakolana, si vira ge ngiluan PMR oge, nah naha vira bisa panggih jeung abay teh pedah si vira karek angges BAKSOS PMR, jadi wae si vira teh keur kabeneran mawa obat obatan, jeung alat pertolongan pertama.
“hatur nuhun atuh bay, tos ngajajapkeun vira nyampe kabumi, jadi ngarerepot ieu mah”, “ih teu nanaon vira, nu kuduna hatur nuhun teh abdi, mun henteu ditulungan mah meureun abi teh tos maoteun anten meureun saacan panggih si array” der we seuri si vira teh ngadenge guyonan si abay “beu bay, bade kalebet heula?” si vira basabasi ka si abay “heunteu ah nuhun, ieu bade uih heula, tos siang, hatur nuhunya vira tos nulungan abdi hehehe, assalamualaikum” bari ngagoes federalna balik ka kota. Pas si abay balik ka tempat nu semula didinya si array geus ngadagoan, si abay teu ngomong geus nganterkeun si vira ka imahna, ngomongna mah keur basa sasapedaan labuh, terus ditulungan ku nu keur baksos, si array mah padu nyengseurikeun we si carita si abay, nyengseurikeun pedah labuhna.
Geeus sabulan kajadian si abay labuh pas CFD-an, nah gara gara kajadian eta, si abay jeung vira jadi leuwih akrab, sok ka kantin bareng atau sok balik bareng, sebenerna mah budak dua ieu teh can jadian ieu, ngan geus akrab pisan teh, si array nu neuleu si abay kitu ngiluan bungah, na jero hatena mah si array teh ngarasa tugasana salaku ‘pembimbing’ si abay geus angges, ayeuna si array leuwih fokus kanu kabogoh na sorangan, tapi tetep osok keneh ulin jeung sisiwo bareng.
Imah imah geus mulai pinuh ku pernak pernik merah putih, bendera geus mulai di parasangan, pokona desana si abay jeung array bener bener semangat ek nyambut hari kamerdekaan teh, disakolana si abay jeung arrau ge teu eleh kameriahana, OSIS na ngundang mahasiswa seni ti UI jeung ngajurian lomba nyieun cerpen sa regional eta, nah unggal peserta teh di bere waktu dua poe jeung nyieun cerpen eta, nu saminimal minimalna teh lima lembar ukuran kertas F4.
si abay geus antusias pisan kanu lomba ieu, naha? soalna dua jama nu bener bener geus nyieun hirupna di sakola ieu karasa nyaman pisan teh si array jeung vira ngiluan na lomba ieu, si abay geus carita ka si array nyen manehna geus boga rencana ek nembak si vira na acara eta, ngan si abay menta bantuan ka si array teh jeung menta persiapana, nya karuhan si array teh langsung bungan pisan dipenta kitu ku si abay teh, langsung we si array teh nanya ek iraha ‘nembakna’, nah si abay teh langsung nyebutkeun waktu na, waktu na teh pas keur pengumuman juara, nya kontan si array teh reuwaseun “heh bay, maneh waras teu, pan ngayah pisan jama pas eta teh, teu era maneh?, ngke mun ditolak kumaha?”, “ahhhh kumaha engke wae, sebenerna mah mun urang teu kapanggih maneh urang moal wani kieu ray, urang terinspirasi maneh basa nembak kabogoh maneh hahaha” bri seuseurian, beungeut si array langsung bareureum
“haaaa sia nyaho timana kubay kumaha pas urang nembak si elan?” si array jigana reuwas pisan nyaho eta teh, “si vira nu carita ka urang, nu maneh keren nyaho, nembakna dinu hareupeun kelas kitu, pas ngayahan deui hahaha” si array nu gues bisa nguasai kedaan langsung wae jadi gede hulu “hahaha nya heeh atuh, array”, “nah makana urang ek nurutan jiga maneh, ngan nu lewuih spektakuler hahah”, si abay minta ngabantuan dina propertina, menta pangnyienkeun spanduk jeung lolopean tina steropom, saengges kabeh persiapan anggeus, tinggal hiji nya eta kudu nyien cerpen nu alus pisan, meh bisa meunang.
Singkat kata, si abay berhasil nyiptakeun cerpen eta pas H-1 na, nah basa eta teh kuduna mah langsung dikumpulkeun, tapi malahan teu, kalah di simpen di kelas, ek sukan bae ngumpulkeuna, eh pas isukana neuleu na papan penguguman teh, cerpen nu maneh na geuning geus terdaptar, tapi atas ngaran anton saputra budak XI IPA 6, nya kontan si anton teh emosi, eta jama boga nyawa sabaraha ek nyokot cerpen urang, kitu napikirana, si abay teu bebeja ka si array, tapi langsung ngadatangan jamana, si abay nanya naha bet cerpen urang di cokot, sia boga nyawa sabarah wani kitu, “heh kupra, sia kasopan bae atuh, nya kumaha aing wae, sia teh murid anyar, tong so soan, si vira moal ku urang ingken jadi kabogoh maneh, si vira mah ngan cocok jeung urang” bari nangtung terus nyekel kerah baju si abay, si abay nu dasarna emang pinter mikir, wah jigana ieu teh mantana.
Teu tarima dikitukeun, si abay langsung we nyolok eta irung si anton, terus geus kitu langsung ek nga habek si anton, tapi usahana geus kabaca, si anton nu geus pangalaman langsung ngembat leungeuna, terus ngababuk beuteung si abay, nah ujug ujug teh aya si array nulungan, si array numpakan si anton, terus nga babukan tonggong si anton, suasana beuki kacau pedah si jimbrot ngilu turun ka eta pertarungan, teu lila gara gara kaributan nu beuki gede, aya pa imron nu ngaliwat, langsung bae di bawa ka kantor opatan eta teh.
di kantor, opatan eta di introgasi, si array nu ngarasa karunya si abay akhirna ngaku yen manehna nu keur jogol teh, terus si abay nu ek misahkeun, tapi malah kahajar, saeengeus ngadenge eta carita, sia abay jeung si antong di titaj kaluar ti ruangan eta, jadina nu dihukum teh si array jeung si jimbrot, saenggeus kaluar teh si antong geus perang perong wae, tapi si array embung ngalayanan na, si array langsung lumpat ka kelas, terus nyieu deui cerpen.
Pikirana nu keur kacau, jadi rada hese ngarangna, pas waktu tinggal sajam deui batas waktu pengumpulan cerpen, si abay kaingetan si array, nah si abay langsung ka inspirasi ku perlakuan si array nu wani ngakukeun kasalahan alona, meh alona bisa tetep ngarencanaken rencana nembakna ka si vira, sikap si array teh jiga paribahasa na bahasa indonesia, nu saeutik di modif, nyaeta bagai domba berbulu serigala.
Teu lila, si abay teh anggeus nulis cerpena, langsung bae di berekeun kapanitia, pas tibana waktu pengumuman, si abay akhirna juara, nah berkat bantuan si array, akhirna si abay bisa nembak si vira, jeung nu paling penting, si abay ditarima ku si vira.

Komentar